B. Daerah

Pertanyaan

kembang bodas buah bunder. ngaheruk nya pikiran ( wangsalna; .... )

1 Jawaban

  • Kembang bodas buah bunder ngaheruk nya pipikiran (wangsalna : jeruk). Kalimah atawa kekecapan "Kembang bodas buah bunder ngaheruk nya pipikiran" teh mangrupa kekecapan hiji puisi anu disebut sisindiran. Aya tilu rupa sisindiran nyaeta rarakitan, paparikan jeung wawangsalan. Sisindiran nu di luhur teh mangrupa wawangsalan.

    Dina sapada rarakitan jeung paparikan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan, saperti conto wawangsalan di luhur. Dina unggal padalisan sisindiran biasana aya dalapan engang. Kusabab kitu dina wawangsalan di luhur kecap "pikiran" teh kuduna mah "pipikiran", supaya dina sapadalisan aya dalapan engang.

    Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran

    Kelas : VIII (2 SMP)

    Kata Kunci : Wawangsalan, sisindiran

Pertanyaan Lainnya